Saha Anu Lepat

Saha nu lepat
Mun diri katalanjuran?
Da bongan keureut salira
Bet sarimbag jeung manéhna

Saha nu lepat
Mun heureuy kaleuleuwihi?
Da bongan keureut salira
Bet sasorot jeung bihari

Hanjakal tepang téh kapandeurian
Dina wanci geus reup-reupan
Mun maksa, kudu dipénta
Tangtu gedé mamalana

Mana nu lepat
Di mangsa paduduaan?
Da haté pernah kaiwat
Ku salira jeung geugeutna

Saha nu lepat
Mun heureuy kaleuleuwihi?
Da bongan keureut salira
Bet sasorot jeung bihari

Hanjakal tepang téh kapandeurian
Dina wanci geus reup-reupan
Mun maksa, kudu dipénta
Tangtu gedé mamalana

Mana nu lepat
Di mangsa paduduaan?
Da haté pernah kaiwat
Ku salira jeung teuteupna

Da haté pernah kaiwat
Ku salira jeung geugeutna



Credits
Writer(s): Doel Sumbang
Lyrics powered by www.musixmatch.com

Link