Guratan Panangan

angin ngahiliwir
ombak laut ti pasisir
naha hate kalah rungsing
ngahariring sedih
ngemutan nasib diri
anu kaulang ulang deui
cinta ngapung ngoleang ngoleang
ngoleang kapakan
naha naha ieu teh nasib diri
nukagurat anu kalukis napanangan
naha naha ieu teh takdir diri
nu geus paheut katulis kasurat tidituna
rarasaan mah teu salah milih
rarasaan mah teu salah lengkah
tapi geuning ngoleang ngoleang
ngoleang kapakan
hayangna senang lain impian
hayangna bagja lain hayalan
mugi mugi sing datang cinta
cinta nu sajati
rasa amis sakur kulitna
rasa endah sakur luarna
kuncup kembang murag lalayu
karunya can mekar
senangna hate ngan sausap
geus kalibas ku cai panon
cinta ngapung ngoleang ngoleang
ngoleang deui
naha naha ieu teh nasib diri
nukagurat anu kalukis napanangan
naha naha ieu teh takdir diri
nu geus paheut katulis kasurat tidituna
rarasaan mah teu salah milih
rarasaan mah teu salah lengkah
tapi geuning ngoleang ngoleang
ngoleang kapakan
tapi geuning ngoleang ngoleang
ngoleang kapakan



Credits
Writer(s): Dose Hudaya
Lyrics powered by www.musixmatch.com

Link