Mening Jomblo (feat. Agan Paralon)

Mening jomblo, mening jomblo
Daripada beungeut jadi boloho
Mening jomblo, mening jomblo
Piceun kabogoh nu olo-olo

Mening kénéh jomblo, kar'na geus loba anu jadi conto
Nu gableg kabogoh otakna sok jadi bodo
Kahayang kabogohna sagala dicumponan
Teu nyadar diri, manéhna saukur diporotan

Indit ka bioskop unggal film anyar tayang
Duit sia béak demi kata, "Makasih, tayang"
Leuheung lamun boga kabogohna soléhah
Ieu mah ngan nyieun dompét kosong ciga kopéah

Negara merdeka ti basa keur éta
Sia dijajah kénéh, musingkeun saréréa
Hayang ulin teu meunang, da sagala dikekang
Hirup sia ciga motor anu dikonci sétang

Ku kabogoh sieunna geus ciga ningali macan
Ai ka kolot sorangan sok wani ngalawan
Hayang dikutuk jadi méja parasmanan
Siga mah sia keur orokna teu diadzanan

Mening jomblo, mening jomblo
Daripada beungeut jadi boloho
Mening jomblo, mening jomblo
Piceun kabogoh nu olo-olo

Jadi jomblo mah moal loba nyeri haté
Teu ciga sia anu hirupna ngabatin waé
Bisa happy jeung seuri, tanpa sieun dinyenyeri
Hirup enjoy, da bahagia mah teu kudu meuli

Jomblo peduli lingkungan, teu kudu loba mandi
Unggal panggih kudu mandi, lebar hambur-hambur cai
Di lembur batur mah hayang nginum gé hésé
Sia miceun cai ukur jang manggihan awéwé

Jomblo lain berarti aing teu payu
Aing hayang bébas, teu kudu ngabaran tiap waktu
Deukeut jeung sasaha moal aya nu nyarék
Teu kudu nurut aturan ciga pagawé Kahatex

Jadi jomblo mah jauh kana maksiat
Teu ciga sia anu mesumna tara kaliwat
Aing érék ngawiat ieu hiji kalimat
"Inget, aing jeung saria téh bakal dijemput ku malaikat"

Mening jomblo, mening jomblo
Daripada beungeut jadi boloho
Mening jomblo, mening jomblo
Piceun kabogoh nu olo-olo

Emang sih cinta ceunah mah buta
Tapi teu kudu kitu carana
Da lamun aing kudu ngalaman
Teu sudi teuing, mening sorangan

Mening jomblo, mening jomblo
Daripada beungeut jadi boloho
Mening jomblo, mening jomblo
Piceun kabogoh nu olo-olo

Mening jomblo, mening jomblo
Daripada beungeut jadi boloho
Mening jomblo, mening jomblo
Piceun kabogoh nu olo-olo



Credits
Writer(s): Rachmanda Dea, Asep Balon
Lyrics powered by www.musixmatch.com

Link