Tresna Duaan

Sanajan urang paanggang
Rasa dedeh tetep pageuh
Rasa asih nu duaan
Urang jaga babarengan

Sanajan urang pajauh
Haté abdi tetep iuh
Sanajan jarang patepang
Haté mah da umayang

Haté engkang moal bimbang
Duh, émut ngan ukur salira
Omat engkang tong hariwang
Duh, haté mah tetep micinta

Urang duaan
Melit rasa ti ka anggangan
Urang duaan
Matri asih majangji dina ati
Urang duaan
Silih jaga ti ka tebihan
Urang duaan
Paheut jangji mengkeut na ati

Haté engkang moal bimbang
Duh, émut ngan ukur salira
Omat engkang tong hariwang
Duh, haté mah tetep micinta

Urang duaan
Melit rasa ti ka anggangan
Urang duaan
Matri asih majangji dina ati
Urang duaan
Silih jaga ti ka tebihan
Urang duaan
Paheut jangji mengkeut na ati



Credits
Writer(s): Sutisna
Lyrics powered by www.musixmatch.com

Link