Ditalipak

Bobogohan 15 bulan
Jeung si Dénok urang Banjaran
Randa ngora hadé rupa
Anak bungsu bandar gula

Salah naon atuh, salah, salah naon?
Dosa naon, dosa naon?
Kurang naon, ari akang kurang naon?
Diputuskeun di tengah jalan

Hawar-hawar meunang béja
Dijodokeun ku kolotna
Jeung pulisi lalu lintas
Kang Wahyu urang Cicadas

Randa ngora hadé rupa
Sérab ku pangkat jeung banda
Ka kuring ngadadak téga
Nyieun surat putus cinta

Hanas kuring guda-gadé
Bro-broan barang béré
Pangaboga ampir béak
Teu sangka rék ditalipak

Nya teu nanaon lah
Gering gering ogé da kudu pasrah meureun lain jodona
Ngan omat wé ka Kang Wahyu, nitip
Ulah dugi ka dinyenyeri
Nyaah abi téh ka manéhna téh, Kang Wahyu

Sok wéh mugi rumah tangga sing tartib
Satiasa-tiasa wéh sapertos nartibkeun lalu lintas
Nitip, Kang Wahyu

Bobogohan 15 bulan
Jeung si Dénok urang Banjaran
Randa ngora hadé rupa
Anak bungsu bandar gula

Salah naon atuh salah, salah, salah naon?
Dosa naon, dosa naon?
Kurang naon ari kuring kurang naon?
Diputuskeun di tengah jalan

Hawar-hawar meunang béja
Dijodokeun ku kolotna
Jeung pulisi lalu lintas
Kang Wahyu urang Cicadas

Randa ngora hadé rupa
Sérab ku pangkat jeung banda
Ka kuring ngadadak téga
Nyieun surat putus cinta

Hanas kuring guda-gadé
Bro-broan barang béré, marukan téh
Pangaboga ampir béak, nyaan
Teu sangka rék ditalipak

Tos dahdir, eh takdir



Credits
Writer(s): Wachyoe Affandi
Lyrics powered by www.musixmatch.com

Link