Sakur Ngimpi

Saprak anjeun ngaléos, ngabeubeutkeun duriat
Hirup asa nunggelis, haté mararinggis
Saprak anjeun ninggalkeun, ngararajét cinta urang
Pikiran baluweng, pinuh ku émutan

Sagala rasa kabawa anjeun
Saparo nyawa ngilu ka anjeun
Nikmatna hirup leungit teu nyésa
Teuing ka mana

Létah teu mirasa, sagala karasa pait
Saré gulang-guling, hésé peureum

Kahayang mah, ieu téh sakur ngimpi
Anu ngageuingkeun urang tina kasombongan diri
Kahayang mah, waktu téh ngulang deui
Sabulan anu katukang, basa silih keukeupan

Ngahelas, kaleungitan
Ngoréjat, seseblakan
Lieuk euweuh, lieuk euweuh
Ngagugulung lamunan

Ngarep-ngarep sakur ngimpi
Ngarep-ngarep anjeun datang
Tiap detik ngan tatanya
Di mana anjeun?

Létah teu mirasa, sagala karasa pait
Saré gulang-guling, hésé peureum

Kahayang mah, ieu téh sakur ngimpi
Anu ngageuingkeun urang tina kasombongan diri
Kahayang mah, waktu téh ngulang deui
Sabulan anu katukang, basa silih keukeupan

Ngahelas, kaleungitan
Ngoréjat, seseblakan
Lieuk euweuh, lieuk euweuh
Ngagugulung lamunan

Ngarep-ngarep sakur ngimpi
Ngarep-ngarep anjeun datang
Tiap detik ngan tatanya
Di mana anjeun?



Credits
Writer(s): Dose Hudaya
Lyrics powered by www.musixmatch.com

Link