Ulah Ceurik

Cag, di dieu
Cag, seumeut dieu
Lalakon cinta nu urang

Teup, anteupkeun
Tong diguar deui
Carita cinta nu peugat

Najan kagandrung sagunung
Najan duriat sajagat
Kadeudeuh nu nyangreud pageuh
Ahirna urang papisah-pisah

Ék ka saha?
Ka urang mana?
Geura milari gentosna

Jig, ka kidul
Jig, ka kalér
Kulon ngétan moal nyaram

Tos teu aya kakaitan
Antara urang duaan
Lain anjeun, lain akang
Urang geus lain-lainna
Lain

Ulah ceurik
Tong diceungceurikkan
Tarimakeun janten randa
Akang pasrah jadi duda
Da geuning kieu kuduna
Urang teu bisa kukumaha

Ulah ceurik
Tong diceungceurikkan
Wayahna urang papeugat
Najan haté masih beurat
Pileuleuyan, pileuleuyan
Hampura, akang hampura

Ék ka saha?
Ka urang mana?
Geura milari gentosna

Jig, ka kidul
Jig, ka kalér
Kulon ngétan moal nyaram

Tos teu aya kakaitan
Antara urang duaan
Lain anjeun, lain akang
Urang geus lain-lainna
Lain

Ulah ceurik
Tong diceungceurikkan
Tarimakeun janten randa
Akang pasrah jadi duda
Da geuning kieu kuduna
Urang teu bisa kukumaha

Ulah ceurik
Tong diceungceurikkan
Wayahna urang papeugat
Najan haté masih beurat
Pileuleuyan, pileuleuyan
Hampura, akang hampura

Ulah ceurik
Tong diceungceurikkan
Tarimakeun janten randa
Akang pasrah jadi duda
Da geuning kieu kuduna
Urang teu bisa kukumaha

Ulah ceurik
Tong diceungceurikkan
Wayahna urang papeugat
Najan haté masih beurat
Pileuleuyan, pileuleuyan
Hampura, akang hampura

Ulah ceurik
Tong diceungceurikkan
Tarimakeun janten randa
Akang pasrah jadi duda
Da geuning kieu kuduna
Urang teu bisa kukumaha



Credits
Writer(s): Bornfri Situmorang
Lyrics powered by www.musixmatch.com

Link