Sancang Cijulang

Pungkal-péngkol jalanna
Iuh jeung linduh tangkalna
Ngaroyom dahan daunna
Mapaésan alam éndah

Harita datang kadinya
Teu sangka, geuning teu sangka
Bakal tepang jeung nyi lenjang
Sagagang kembang impian

Mipir gawir nu lungkawing
Mapay jungkrang nu longkéwang
Kungsi arék nitip diri
Rék neundeun rasa kadeudeuh

Ka kembang nu hegar ligar
Sanajan bari jeung anggang
Arék nemragkeun kahayang
Balaka ngedalkeun cinta

Antara Sancang Cijulang.
Aya angin ngahariring mawa jangji
Antara Sancang Cijulang
Aya teuteup nu minuhan kadeudeuh

Antara Sancang Cijulang
Aya cinta nu munggaran
Antara Sancang Cijulang
Aya cinta langgeng salawasna

Mipir gawir nu lungkawing
Mapay jungkrang nu longkéwang
Kungsi arék nitip diri
Rék neundeun rasa kadeudeuh

Ka kembang nu hegar ligar
Sanajan bari jeung anggang
Arék nemragkeun kahayang
Balaka ngedalkeun cinta

Antara Sancang Cijulang
Aya angin ngahariring mawa jangji
Antara Sancang Cijulang
Aya teuteup nu minuhan kadeudeuh

Antara Sancang Cijulang
Aya cinta nu munggaran
Antara Sancang Cijulang
Aya cinta langgeng salawasna

Antara Sancang Cijulang
Aya angin ngahariring mawa jangji
Antara Sancang Cijulang
Aya teuteup nu minuhan kadeudeuh

Antara Sancang Cijulang
Aya cinta nu munggaran
Antara Sancang Cijulang
Aya cinta langgeng salawasna



Credits
Writer(s): Uko Hendarto
Lyrics powered by www.musixmatch.com

Link