Berenyit

Éta barudak ayeuna nya
Awéwé barau cikur geura, Sép
Dibawa kamamana téh daék wéh, pasrah kitu
Ngomongna téh kieu
Sok waé ceunah asal jelas wé itungannana

Tuh, da ari disebut runtah mah embung, ngambek manéhna ogé
Tapi kalakuan leuwih ti runtah, euy
نعوذبالله مِن ذالك
Amit-amit teuing
Dongéngna asik geura yeuh

Awéwé barau cikur
Geus darangdan modél zaman Jahilliah
Maké baju teu mararatut, majarkeun modéren téa
Maké bujal ditempokeun sagala rupa

Éta reuwas saya mah éta ngobrol, nya

Lamun ngobrol jeung maranéhna
Aya nu teu apal naon ari mukena
Kacida pan paranti solat mah, éta nya?
Bari seuri ting cikikik unggal peuting ngariung ulin di juru diskotik
Nyiar lalaki ateul

Payah yeuh

Ditoél (malik noél), wanian euy
Diciwit (malik, malik nyiwit), leuwih tarik deui malikannana téh, nya
Ditraktir (langsung muir), alah, komo, nya?
Diajak kontan-kontan, hayu, gawat

Rék dibawa ka mana, nya pasrah tumarima
Asal inget ceunah kudu puguh itungannana
Awéwé modél kitu, naon atuh ngaranna?
Da geuning disebut runtah mah teu narima, alah

Berenyit (berenyit, berenyit, berenyit, berenyit)
Berenyit, ceunah modéren lamun bedegong
Teu garableg kaéra nya? Laleutik kénéh
Berenyit (berenyit, berenyit, berenyit, berenyit)
Berenyit, rupa jalma kalakuan bagong

Ha, teuing pokona, sesegrok jeung hideung
Ulin di nu poék karesepna
Ngan ari bagong mah, mun dibedil téh ngaguik
Ieu mah dibedil téh lain ngaguik
Ngadon ting cikikik wé, saleuseurian

Ruksak, komo si itu mah karesepna pisan mah geura
ABG, ABG
Asa beuki goréng patut, heueuh?
Pan ari Oman mah, bébéb
Aki-aki beuki budak, béda jeung ABG

Eh, so lali lali
Eh, wao waéng
Alah

Lamun ngobrol jeung maranéhna
Aya nu teu apal naon ari mukena
Mukena waé teu nyaho
Bari seuri ting cikikik unggal peuting ulin di juru diskotik
Mararabok éta téh
Nyiar lalaki ateul

Budak lemét padahal, nya
Tobat, Gusti

Ditoél, malik noél
Diciwit (malik, malik) nyiwit
Beuki tarik, euy
Ditraktir (langsung muir), muir, muir
Diajak kontan-kontan, hayu, walah

Rék dibawa ka mana, nya pasrah tumarima
Asal puguh ceunah éta itungannana
Awéwé modél kitu, naon atuh ngaranna?
Da geuning disebut runtah mah teu narima, ngambek euy

Berenyit (berenyit, berenyit, berenyit, berenyit)
Berenyit, ceunah modéren lamun bedegong
So lali, lali
Berenyit (berenyit, berenyit, berenyit, berenyit)
Rupa jelma kalakuan bagong

Na mana jelma, mana bagong atuh
Da ampir sarua ayeuna mah geuningan

Bagong, bagong, gélo



Credits
Writer(s): Wachyoe Affandi
Lyrics powered by www.musixmatch.com

Link