Sasakala Kuring

Aya heulang mamawa bangké hayam
"Kukak-kikuk, kukak-kikuk," sorana
Aya ucing mamawa bangké beurit
"Nguang-ngéong, nguang-éong," sorana

Hayam disantok heulang
Beurit disantok ucing
Ti harita mimiti ayana perang

Éh, aya éntog mamawa bangké cacing
"Wakwak-wékwék, wakwak-wékwék," sorana
Aya cakcak mamawa bangké reungit
"Tuktak-tuktak, tuktak-tiktek," sorana

Cacing disantok éntog
Reungit disantok cakcak
Ti harita mimiti ayana hukum

Aya heulang mamawa bangké hayam
"Kukak-kikuk, kukak-kikuk," sorana
Aya ucing mamawa bangké beurit
"Nguang-ngéong, nguang-ngéong," sorana

Hayam disantok heulang
Beurit disantok ucing
Ti harita mimiti ayana perang

Aya éntog mamawa bangké cacing
"Wakwak-wékwék, wakwak-wékwék," sorana
Aya cakcak mamawa bangké reungit
"Tuktak-tuktak, tuktak-tiktek," sorana

Cacing disantok éntog
Reungit disantok cakcak
Ti harita mimiti ayana hukum

Aki-aki mamawa nini-nini
Durang duraring aki ngahariring
Bapa-bapa mamawa ibu-ibu

Nini disantok aki
Ibu disantok bapa
Ti harita mimiti ayana kuring, hacim



Credits
Writer(s): Wachyoe Affandi
Lyrics powered by www.musixmatch.com

Link