Tong Digerung Gerung

Gandéng ari sia
Digerung-gerung deuinya
Tong asa gagah ku sora
Da teu ngeunah ku didéngéna, héy
Sok pikir ku sia (uh-yéah)

Gandéng ari sia (gandéng ari sia)
Nu boga ceuli téh loba (ceuli loba)
Coba pikir wéh ku sia (sia)
Tong asa jadi balaga, héy

Komo mun asup gang leutik
Orok keur saré jug ceurik
Ceuk aing gé naon

Tong digerung, tong digerung-gerung
Tong digerung, tong digerung-gerung
Tong digerung, tong digerung-gerung
Tong digerung, tong digerung-gerung

Tong digerung, tong digerung-gerung
Tong digerung, tong digerung-gerung
Tong digerung, tong digerung-gerung
Tong digerung, tong digerung-gerung

Marukanna hadé sia gegerungan
Kadé bisi ké sia aya nu ngagebugan
Sia gegebéran, aing anu aral
Kumaha mun knalpot sia ngahudangkeun Dajal?

Asa pang jagona, sia polontong
Motor jeung otak saruana bodong
Asa ngaraja di jalan, embung éléh
Padahal motor can lunas, nyicil kénéh

Manaskeun motor digerung-gerung
Isuk-isuk ciga nu hayang digulung
Mun sia maot, moal dikubur
Tapi sia mah ku treuk hayang digusur

Komo mun asup gang leutik
Orok keur saré jug ceurik
Ceuk aing gé naon
Oh-yéah

Tong digerung, tong digerung-gerung
Tong digerung, tong digerung-gerung
Tong digerung, tong digerung-gerung
Tong digerung, tong digerung-gerung

Tong digerung, tong digerung-gerung
Tong digerung, tong digerung-gerung
Tong digerung, tong digerung-gerung
Tong digerung, tong digerung-gerung

Diukna nyanggigir ciga bisul dina bujur
Tara maké hélm, sia mah otakna dina tu'ur
Teu gableg pikiran, kulit beungeutna gé kandel
Sia leuwih pantes numpak sapédah Wimcycle

Cik atuh, saria téh da lain budak pion
Kalakuan ciga Pedrosa mabok aibon
Hampura, aing mah da osok hayang ngadu'a
Sing sia dikutuk jadi gerbang sakola



Credits
Writer(s): Surabi Gelo
Lyrics powered by www.musixmatch.com

Link