Es Lilin

És lilin mah, Ceuceu, disurung-surung
Dibawa mah, Ceuceu, ka Sukajadi
Abdi isin ku Bapa, da bararingung
Tara-tara geuningan da tisasari

És lilin mah, Ceuceu, kalapa muda
Dibawa mah, Ceuceu, ka Majalaya
Abdi isin ku Bapa, samar kaduga
Sok sieun mah geuningan sanés baraya

És lilin mah, Ceuceu, kalapa muda
Dibawa mah, Ceuceu, ka Majalaya
Abdi isin ku Bapa, samar kaduga
Sok sieun mah geuningan sanés baraya

És mambo mah, Ceuceu, ti Kota Bandung
Dibawa mah, Ceuceu, da ka Jakarta
Cari jodoh, Ceuceu, sangatlah bingung
Kalau belum, Ceuceu, dah punya kerja

És lilin mah, Ceuceu, disurung-surung
Dibawa mah, Ceuceu, ka Sukajadi
Abdi isin ku Bapa, da bararingung
Tara-tara geuningan da tisasari

Tara-tara geuningan da tisasari



Credits
Writer(s): Ibu Mursih, Edi Natawisastra
Lyrics powered by www.musixmatch.com

Link