Kabogoh Batur

Ku batur dipoyokan
Ku batur disepétan
Kar'na urang nyimpen perasaan
Kanu geus boga pasangan

Ukur susulumputan
Da sieun kanyahoan
Sok sanajan manéhna sorangan
Sarua ngarasa nyaman

Teu babari bogoh ka batur
Teu babari nyaah ka batur
Sakalina bogoh ka batur
Kalah bogohna ka kabogoh batur

Naha aing s'lalu nyaah ka jalma nu salah?
Naha s'lalu bogoh kanu geus boga oray sawah?
Mun ceuk Amigdala mah "kukira kau imah"
Sihoréng, nyatana manéh ngan OYO Syariah

Asa jadi spasi di antara manéh jeung si éta
Aing cicing di dinya, tapi tara dianggap aya
Tong ngeluh mun kopi sia tiis kirang mantep
Kopi éta pernah haneut, tapi ku sia diantep

Urang s'lalu ngadoa
Manéh putus jeung si éta
Ngarah urang jadi cinta nu utama

Teu babari bogoh ka batur
Teu babari nyaah ka batur
Sakalina bogoh ka batur
Kalah bogohna ka kabogoh batur

Teu babari bogoh ka batur
Teu babari nyaah ka batur
Sakalina bogoh ka batur
Kalah bogohna ka kabogoh batur
Kalah bogohna ka kabogoh batur

Kalah bogohna
Bogoh ka kabogoh batur



Credits
Writer(s): Rachmanda Dea
Lyrics powered by www.musixmatch.com

Link