Sono Kacida

Ho-oh, ho-oh

Saban émut ka anjeunna
Sono téh kabina-bina
Kasiksa
Jungjunan, haté kasiksa
Mun tebih, tebih di mana?
Anjeun ukur ngolébat

Némbongan, sering némbongan
Gugupay dina lamunan
Di mana
Nyarita atuh, di mana?
Sono patali cimata
Gusti, nyaah kacida

Beurang-peuting kaémutan baé
Guling gasahan, teu tibra saré
Unggal detik, angger unggal usik
Gambaran dunya ukur manéhna

Neda ka Gusti Hyang Widi
Méméh pati meulit diri
Sakali
Mugi ditepangkeun deui

Némbongan, sering némbongan
Gugupay dina lamunan
Di mana
Nyarita atuh, di mana?
Sono patali cimata
Gusti, nyaah kacida

Beurang-peuting kaémutan baé
Guling gasahan, teu tibra saré
Unggal detik, angger unggal usik
Gambaran dunya ukur manéhna

Neda ka Gusti Hyang Widi
Méméh pati meulit diri
Sakali
Mugi ditepangkeun deui

Oh-oh, ha-oh-oh

Ah-ah, oh-oh, oh-oh



Credits
Writer(s): Revki Maraktifa
Lyrics powered by www.musixmatch.com

Link