Sadar

Kadang hirup sok maksa nyieun urang mikir
Urang rumasa, émang urang kudu nyingkir
Manéh émang pantes meunangkeun anu leuwih
Keun wé baé, urang geus biasa ngarasakeun peurih

Kar'na batur pasti bisa méré sagalana
Urang mah da ngan bisa méré waktu jeung tanaga
Ukur bisa usaha keur nyieun manéh bahagia
Lain ukur kata-kata, tapi ku manéh karasa

Tapi ti mimiti gé da enggeus kaciri
Urang nyaho, da émang kudu manteskeun heula diri
Hampura, urang can jadi jalma anu manéh hayang
Nyeri nu ku urang rasa, ku manéh moal kabayang

Tapi manéh teu salah, urang ngan bisa pasrah
Najan hirup urang asa kaleungitan arah
Tuluy néang duit walau loba gogoda
Méh teu ngarasa deui nyeri jadi jalma teu boga

Urang sadar pisan, lain jelema aya
Urang sadar pisan, urang jelema teu boga
Matak wajar manéh milih nu leuwih méwah
Kar'na urang ukur ngamodal kanyaah

Nuhun, geus ngaluangkeun waktuna keur urang
Meskipun singkat, tapi moal bisa diulang
Sagala pengorbanan enggeus dilakukeun kabéh
Ayeuna, urang saukur bisa ngadoakeun manéh

Baé urang nu nyeri, asal manéh bisa seuri
Manéh bakal apal, kanyaah moal bisa dibeuli
Baé urang nu indit, asal nyieun manéh bagja
Urang sadar, haté mah da moal bisa dipaksa

Tapi hiji waktu, ku manéh gé bakal karasa
Manéh bakal sadar, harta lain nu utama
Batur méré sagalana kar'na boga loba
Tapi urang méré kabéhanana nu urang boga

Urang teu bisa kukumaha
Kar'na nu ngarana cinta moal bisa dipaksa
Tapi cinta nu sabenerna
Teu kudu loba harta, pasti bisa bahagia

Urang sadar pisan, lain jelema aya
Urang sadar pisan, urang jelema teu boga
Matak wajar manéh milih nu leuwih méwah
Kar'na urang ukur ngamodal kanyaah

Urang sadar pisan, lain jelema aya
Urang sadar pisan, urang jelema teu boga
Matak wajar manéh milih nu leuwih méwah
Kar'na urang ukur ngamodal kanyaah



Credits
Writer(s): Rachmanda Dea, Asep Balon
Lyrics powered by www.musixmatch.com

Link