Mawar Bodas

Mapay jalan satapak, ngajugjug ka hiji lembur
Teu karasa capéna, sabab aya nu ditéang
Hujan angin dor-dar gelap, teu aya keur ngiuhan
Sanajan awak rancucut, teu paduli, kajeun teuing

Nu penting mah asal nepi ka tempat anu dituju
Rék ngalongok Mawar Bodas nu moal lila kaala
Sugan téa moal gagal, kembang geus aya nu boga
Balik gé asa horéam, leumpang gé asa ngalayang

Teu kasawang ti anggalna
Teu kapikir ti tadina
Lamun bakal nyeri haté, horéam, teu sudi teuing
Mikiran pipanyakiteun, mikiran pipanyakiteun

Teu kasawang ti anggalna
Teu kapikir ti tadina
Lamun bakal nyeri haté, horéam, teu sudi teuing
Mikiran pipanyakiteun, mikiran pipanyakiteun

Mapay jalan satapak, ngajugjug ka hiji lembur
Teu karasa capéna, sabab aya nu ditéang
Hujan angin dor-dar gelap, teu aya keur ngiuhan
Sanajan awak rancucut, teu paduli, kajeun teuing

Nu penting mah asal nepi, ka tempat anu dituju
Rék ngalongok Mawar Bodas, nu moal lila kaala
Sugan téa moal gagal, kembang geus aya nu boga
Balik gé asa horéam, leumpang gé asa ngalayang

Teu kasawang ti anggalna
Teu kapikir ti tadina
Lamun bakal nyeri haté, horéam, teu sudi teuing
Mikiran pipanyakiteun, mikiran pipanyakiteun

Teu kasawang ti anggalna
Teu kapikir ti tadina
Lamun bakal nyeri haté, horéam, teu sudi teuing
Mikiran pipanyakiteun, mikiran pipanyakiteun

Teu kasawang ti anggalna
Teu kapikir ti tadina
Lamun bakal nyeri haté, hoream, teu sudi teuing
Mikiran pipanyakiteun, mikiran pipanyakiteun

Teu kasawang ti anggalna
Teu kapikir ti tadina
Lamun bakal nyeri haté, horéam, teu sudi teuing
Mikiran pipanyakiteun, mikiran pipanyakiteun



Credits
Writer(s): Uko H.
Lyrics powered by www.musixmatch.com

Link