Ai

Arék mungkir, euweuh alesan keur mungkir
Asép endag ku Ai
Hésé bohong, rumasa teu bisa bohong
Asép oléng ku Ai

Ayeuna Asép jiga nu kabedil ku jangjawokan
Kapanah ku kinasihan
Lieur ku Ai

Kabedil ku jangjawokan
Kapanah ku kinasihan
Gélo ku Ai

Samara sasamar polah
Teu bisa dipapalérkeun
Teu bisa dibébénjokeun
Nu aya dina lamunan beurang-peuting ukur Ai

Rumasa teu bisa mungkir
Asép oyag-oyagan ku Ai
Rumasa teu bisa bohong
Asép eundeug-eundeugan ku Ai
Teu bisa mungkir jeung bohong
Nu aya dina haté Asép ngan ukur Ai

Arek mungkir, euweuh alesan keur mungkir
Asép endag ku Ai
Hésé bohong, rumasa teu bisa bohong
Asép oléng ku Ai

Ayeuna Asép jiga nu kabedil ku jangjawokan
Kapanah ku kinasihan
Lieur ku Ai

Kabedil ku jangjawokan
Kapanah ku kinasihan
Gélo ku Ai

Samara sasamar polah
Teu bisa dipapalérkeun
Teu bisa dibébénjokeun
Nu aya dina lamunan beurang-peuting ukur Ai

Rumasa teu bisa mungkir
Asép oyag-oyagan ku Ai
Rumasa teu bisa bohong
Asép eundeug-eundeugan ku Ai
Teu bisa mungkir jeung bohong
Nu aya dina haté Asép ngan ukur Ai

Ai

Rumasa teu bisa mungkir
Asép oyag-oyagan ku Ai
Rumasa teu bisa bohong
Asép eundeug-eundeugan ku Ai
Teu bisa mungkir jeung bohong
Nu aya dina haté Asép ngan ukur Ai



Credits
Writer(s): Doel Sumbang
Lyrics powered by www.musixmatch.com

Link