Loba Gaya (feat. Fiksi Aunurofik)

Sia loba gaya!
Bari euweuh pangabisa
Ukur loba pamenta
Nyusahkeun indung bapa

Yeuh dangukeun urang boga carita
Salah sahiji fakta barudak jaman ayeuna
Ukur ngaheulakeun gaya bari ejeung pamer harta
Pangabisana teh ukur nyusahkeun indung bapa

Peuting waktu ulinna teras subuh uihna
Bari jeung mastakana teh tos karasa muihna
Nginumna lain aq*a tapi capna orang tua
Make duit ti kolot nu hese cape ngarahna

Deuk indit jeung pasangan
Tapi duit pas pasan
Nambut ka babaturan
Catet na buku sametan
Acukna hoyong gaya tapi teu aya
Melaan heula nginjeum
Ngetrokan imah tatangga

Sia loba gaya!
Bari euweuh pangabisa
Ukur loba pamenta
Nyusahkeun indung bapa
Meungpeung masih ngora
Mending ge lobakeun karya
Banggakeun indung bapa
Jieun kolot bahagia

Barudak sakola jaman ayeuna
Nu indit ka sakolana lieur nguruskeun cinta
Unggal poe na W.A ukur meakeun kuota
Bari jeung pas ulangan mah ngan menang penteun dua

Jiga jalma nu aya atau jalma kakara
Edan kitu gayana bari beungeutna lada
Geus ngala duit sorang ke ge karasa
Lamun maneh enggeus era nampa ka indung bapa

Tong loba poya poya duit hese ngalana
Meunding pake usaha bisi engke nalangsa
Rek nepi iraha nyusahkeun indung bapa
Geuwat geura pikanya'ah bisi asup Naraka

Sia loba gaya!
Bari euweuh pangabisa
Ukur loba pamenta
Nyusahkeun indung bapa
Meungpeung masih ngora
Mending ge lobakeun karya
Banggakeun indung bapa
Jieun kolot bahagia

Sia loba gaya!
Bari euweuh pangabisa
Ukur loba pamenta
Nyusahkeun indung bapa
Meungpeung masih ngora
Mending ge lobakeun karya
Banggakeun indung bapa
Jieun kolot bahagia

Meungpeung masih ngora
Mending ge lobakeun karya
Ciga Rhoma Irama
Terkenal sa Indonesia



Credits
Writer(s): Aoi Insan
Lyrics powered by www.musixmatch.com

Link