Mulang Tarima

Gening hirup téh karasa beurat
Kadang capé api api kuat
Teu aya nu ngabaturan, sok asa sorangan
Tapi da kudu dilakonan

Karasa peurih
Inget kanu di bumi
Ngajerit nahan kabéh kanyeri

Hampura
Abi hampura
Rumasa
Teu walakaya

Hampura
Abi hampura
Can tiasa
Mulang tarima

Unggal peuting teu bisa saré, da inget waé
Indung jeung bapa beuki kolot nyentug kana haté
Tapi urang masih can bisa ngawujudkeun cita cita
Ngangkat darajat keluarga améh teu dihina
Aing mah geus ba'al, kunu ngaranna gagal
Aing apal kasuksésan pasti hargana mahal
Teu cukup, saukur, ngamodal angan angan
Tapi kudu dibarengan ku meurih jeung pengorbanan
Ningali indung bapa pas keur saré
Nyieun aing poho rasana capé
Meureupkeun leungeun ngucap dinu haté
Mun aing teu gawé moal bisa nyalsé
Teu paduli, lamun beurat
Salila aing bisa mangpaat
Teu paduli, mun kasiksa
Salila bisa mulang tarima!

Hampura
Abi hampura
Rumasa
Teu walakaya

Hampura
Abi hampura
Can tiasa
Mulang tarima

Hampura
Abi hampura
Rumasa
Teu walakaya

Hampura
Abi hampura
Can tiasa
Mulang tarima



Credits
Lyrics powered by www.musixmatch.com

Link