Nyeri Hate

Nyeri haté
Nyeri Haté

Sugantéh ieu ngimpi
Ningali aya nu hajatan
Gening heueuh émang nyata lain ngimpi

Naha manéh bet dadaékan
Dijodokeun ku kolot manéh
Ngabélaan megatkeun duriat urang

Asa rarudet karék ogé hudang saré
Asa kabéntar gelap pas aing nempo hapé
Nempo si éta kawin jeung panakol go'ong
Anu rarayna téh ciga spakbor mio bodong
Mun sia hayang nyaho, kumaha rasana
Ciga karék hudang saré dijingkang ku tentara
Sugan aing si éta téh émang pasangan impian
Aipéktéh nyatana, eh kadon tataian!

Kurang naon urang ka manéh?
Sagala paménta enggeus dicumponan
Tapi manéh bet téga gening
Ngaraheutkeun haté urang

Nyeri haté
Nyeri haté
Ningali kabogoh kawin jeung batur
Naha ieu caritana kudu aya na hirup urang

Nyeri haté
Nyeri haté
Nyeri haté aduh kacida gusti
Naha ieu caritana kudu aya na hirup urang

Teu kudu rungsing, najan teu hépi énding
Sugan engké jodo manéh ciga personil blékping
Kalemkeun kalemkeun, teu kudu marah marah
Cigana mah jodo manéh téh ulinna jarambah
Peuting jeung beurang, wareg jeung salatri
Kabéh boga pasangan piraku maneh jeung japati
Tong hariwang sagala gé geus aya nu ngatur
Ngan jodo manéh cigana masih dilahun ku batur

Kurang naon urang ka manéh?
Sagala paménta enggeus dicumponan
Tapi manéh bet téga gening
Ngaraheutkeun haté urang

Nyeri haté
Nyeri haté
Ningali kabogoh kawin jeung batur
Naha ieu caritana kudu aya na hirup urang

Nyeri haté
Nyeri haté
Nyeri haté aduh kacida gusti
Naha ieu caritana kudu aya na hirup urang

Nyeri haté
Nyeri haté
Ningali kabogoh kawin jeung batur
Naha ieu caritana kudu aya na hirup urang

Nyeri haté
Nyeri haté
Nyeri haté aduh kacida gusti
Naha ieu caritana kudu aya na hirup urang

Pokona mah nyeri haté
Pokona mah nyeri haté



Credits
Writer(s): Moh Herman Zaelani
Lyrics powered by www.musixmatch.com

Link