Manuk Dadali

Mesat, ngapung luhur, jauh di awang-awang
Mébérkeun jangjangna. bangun taya karingrang
Sukuna ranggoas reujeung pamatukna ngeluk
Ngapak méga bari hiberna tarik nyuruwuk

Saha anu bisa nyusul kana tandangna?
Gandang jeung pertentang, taya bandingannana
Dipikagimir, dipikasérab ku sasama
Taya karémpan, kasieun, lébér wawanénna

Manuk dadali, manuk panggagahna
Perlambang sakti Indonésia Jaya
Manuk dadali, pangkakoncarana
Resep ngahiji, rukun sakabéhna

Hirup sauyunan, tara pahiri-hiri
Silih pikanyaah, teu inggis béla pati
Manuk dadali ngandung siloka sinatria
Keur sakumna bangsa di Nagara Indonésia

Mesat, ngapung luhur, jauh di awang-awang
Mébérkeun jangjangna. bangun taya karingrang
Sukuna ranggoas reujeung pamatukna ngeluk
Ngapak méga bari hiberna tarik nyuruwuk

Saha anu bisa nyusul kana tandangna?
Gandang jeung pertentang, taya bandingannana
Dipikagimir, dipikasérab ku sasama
Taya karémpan, kasieun, lébér wawanénna

Manuk dadali, manuk panggagahna
Perlambang sakti Indonésia Jaya
Manuk dadali, pangkakoncarana
Resep ngahiji, rukun sakabéhna

Hirup sauyunan, tara pahiri-hiri
Silih pikanyaah, teu inggis béla pati
Manuk dadali ngandung siloka sinatria
Keur sakumna bangsa di Nagara Indonésia



Credits
Writer(s): Sambas
Lyrics powered by www.musixmatch.com

Link