Mojang Priangan

Angkat ngagandeuang
Bangun taya karingrang
Nganggo sinjang dilamban
Mojang Priangan

Umat-imut, lucu
Sura-seuri, nyari
Larak-lirik, keupat
Mojang Priangan

Diraksukan kabaya
Nambihan cahayana
Dangdosan sederhana
Mojang Priangan

Lemah lembutna sopan
Watek asa ceuceuhan
Tara ingkar tina
Kasusilaan

Mun disanggul, ayu
Mun disinjang, lenjang
Mun dierok, dénok
Mojang Priangan

Angkat ngagandeuang
Bangun taya karingrang
Nganggo sinjang dilamban
Mojang Priangan

Umat-imut, lucu
Sura-seuri, nyari
Larak-lirik, keupat
Mojang Priangan

Diraksukan kabaya
Nambihan cahayana
Dangdosan sederhana
Mojang Priangan

Lemah lembutna sopan
Watek asa ceuceuhan
Tara ingkar tina
Kasusilaan

Mun disanggul, ayu
Mun disinjang, lenjang
Mun dierok, dénok
Mojang Priangan



Credits
Writer(s): Iyar Wiyarsih
Lyrics powered by www.musixmatch.com

Link